Kumpulan Babasan Sunda | SDN Ciwangi Purwakarta
..:: Selamat Datang Peserta Didik Baru Di Sekolah TASBIH (Taqwa, Aman, Santun, Bersih, Indah, Hijau) ::..

Kumpulan Babasan Sunda

Babasan Sunda
A

Adab lanyap
Jiga nu handap asor, daèk ngahormat ka batur, tapi boga hatè luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.

Adam lali tapel
Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

Adat kakurung ku iga
Adat nu hèsè digantina.
Adèan ku kuda beureum

Agul ku payung butut
Ngagulkeun luluhur sorangan.

Akal koja
Pinter dina kagorèngan atawa kajahatan.

Aki aki tujuh mulud
Lalaki nu geus kolot pisan.

Aku aku angga
Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.

Aku panggung
Darèhdèh jeung mèrè mawèh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jstè.

Alak-alak cumampaka
Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.

Alak paul
Tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  
Alus panggung = alus laur hadè omè
Tegep dedeg pangadegna.

Ambek nyedek tanaga midek
Ari napsu pohara gedèna, ngan masih bisa meper diri napsu kapegung.

Ambekna sakulit bawang
Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.

Anak puputon
Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.

Anjing ngagogogan kalong
Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (mikahayang nu moal bakal kasorang).

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
Naon baè nu mèrè hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed
Ari umur geus kolot tapi hatè ngongoraeun kènèh.

Asa dijual payu
Ngungun dumèh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

Asa ditonjok congcot
Meunang kabungah nu gèdè, anu saenyana teu diarep arep.

Asa ditumbu umur
Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedèna.

Asa nanggeuy endog beubeureumna
Kacida nyaahna.

Asa potong leungeun katuhu
Leungiteun jalma nu pohara hadè galena.

Ati mungkir beungeut nyinghareup
Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.

Aub payung, sabet panon
Sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
  
Aya astana sajeungkal
Anu mustahil ogè bisa kajadian.

Aya bagja teu daulat
Arèk meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.

Aya di sihung maung
Kulantaran loba kawawuh gegedèn dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

Aya hatè kadua leutik
Naksir.

Aya jalan komo meuntas
Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.

Aya jalan komo meuntas
Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.

Aya jalan komo meuntas
Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.

Aya peurah aya komara
Aya harega, aya pangaji.

Aya nu dianjing cai
Aya nu diarep-arep atawa dihèroan.

Ayakan tara meunang kancra
Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.

B

Balèg tampèlè
Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gedè kènèh kaèra.

Bali geusan ngajadi
Tempat dilahirkeun.

Balung kulit kotok meuting
Teu eureun eureun nyeri hatè ti baheula nepi ka kiwari.

Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedè sasapuan
Bèak karep ku rido jeung bèrèsih hatè.

Banda tatalang raga
Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabèla diri, meuli ubar sangkan waras.

Belang bayah gindi pikir
Boga pikiran gorèng ka papada kawula.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.

Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakèan batur.
Adigung adiguna

Beurat birit
sè jeung sungkan dititah.

Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana
Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Beureum paneureuy 
Seuseut batan neureuy keueus hèsè pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.

Beuteung anjingeun 
Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.

Bilih aya turus bengkung
Bisi salah pokpokanana.

Biwir nyiru rombèngeun
Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

Biwir nyiru rombèngeun
Resep ngucah ngacèh rasiah atawa kaaèban boh nu sorangan boh nu batur.

Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah
Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumèh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.

Bluk nyuuh blak nangkarak
Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.

Bobo sapanon carang sapakan
Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.

Bobor karahayuan
Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

Bobot pangayun timbang taraju
Kabèh anu dipigawè kudu pinuh tinimbangan.

Bontèng ngalawan kadu
Nu leutik ngalawan nu gèdè.

Buburuh nyatu diupah bèas
Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

Budi santri, lègèg lebè, ari lampah euwah euwah
Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.

Buluan belut, jangjangan oray
Pamohalan kajadian.

Bungbulang tunda / tunda talatah
Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.

Buntut kasiran
Korèt, medit, ngeupeul, tara pisan daèk barangbèrè.

Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang
Ginding, loba pakèan anu aralus dipakè.

Buruk buruk papan jati
Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baè lamun aya kasalahan tèh.


C

Caang bulan dadamaran
Migawè nu kurang mangpaat.

Cacag nangkaeun
Hanteu bèrès, hanteu rata, henteu sampurna.

Cangkir emas eusi delan
Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatèna jahat jeung matak bahaya ka urang.

Cara bueuk meunang mabuk
Ngeluk baè, teu lemèk teu carèk, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab èra tawa sieun.

Cara gaang katincak
Anu tadina ramè kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

Cara jogjog mondok
Carekcok baè, mani gandèng nacer.

Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.

Cecendet mande kiara
Nu leutik nyaruaan anu gèdè, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

Ceuli lentaheun
Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baè anu kadèngè, turtaning tacan karuhan èta bèja tèh bener henteuna.

Cicing dina sihung maung
Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.

Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok
Ku dileukeunan mah sakumaha hèsèna gè lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila ogè tangtu bisa).

Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung
Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

Ciri sabumi cara sadèsa
Bèda tempatna, bèda deui adat jeung kabiasaanana.

Clik putih clak hèrang
Kaluar tian hatè anu bèrèsih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.

Congo congo ku amis, mun rek mais ogè puhuna
Kumaha arek bageurna dinu jadi anak, lamun bapana henteu bageur.

D

Daèk macok embung dipacok
Daèk ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.

Dagang oncom rancatan emas
Ari modalna gedè kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.

Dah bawang dah kapas
Tah barangna tah duitna.

Daluang katinggang mangsi
Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

Dèsa maca cara nagara mawa tata 
Ngagambarkeun yèn kaayaan jeung adat kabiasaan di dèsa jeung kota (nagara) tèh bèda-bèda.

Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug
Pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.

Deukeut deukeut anak taleus
Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibarèto yèn baraya.

Dihin pinasti, anyar pinanggih
Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

Dipiamis buah gintung
Disangka hadè jeung bageur tapi buktina gorèng jeung jahat.

Disakompèt daunkeun, dihurun suluh 
Dihijikeun baè, disaruakeun baè, teu dibèda bèda.

Ditangtang ditengteng dijieun bontèng sapasi
Dialak ilik lantaran dianggap anèh.

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

Dogdog pangrewong
Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya ogè teu naon naon.

Dogong dogong tulak cau, geus gedè dituar batur
Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik kènèh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gedè dikawin batur, atuh hèsè capè taya gawè.

Dosa salaput hulu
Kacida loba dosana.

Dulang tinandè
Awèwè mah nurutkeun baè, kumaha diaturna jeung diparèntahna ku nu jadi salaki.

Duum tinggi
Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.


E

Elmu ajug
Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.

Elmu sapi
Samiuk (ngahiji) kana kagorèngan.

Elmu tumbila
Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

Elok bangkong
Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baè.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabèh
Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarèrèa.

Endog tara megar kabèh
Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

G

Galehgeh gado
Darèhdèh tapi henteu terus kana hatè.

Gancang pincang
Kulantaran digawèna buru buru jeung kurang ati ati hasilna tèh teu nyugemakeun.

Gantung denge
Hanteu terus bisa ngadèngèkeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadèngèkeun.

Gantung teureuyeun
Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus bèak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.

Gedè gedè kayu randu, dipakè pamikul bengkung, dipakè lincar sok anggang, dipakè pancir ngajedig 
Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawèna jeung karajinanana gorèng.

Gedè gunung pananggeuhan
Adigung kulantaran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.

Gedè gunung pananggeuhan
Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedèn, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, èta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.

Gedè hulu
Boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.

Getas harupateun, pingges harepan 
Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.

Gindi pikir belang bayah
Gorèng hatè, dolim, julig , dengki.

Ginding kakampis
Ari pakè mah ginding ngan duit teu boga.

Giri lungsi tanpa hina
Nu luhur jeung nu handap sarua baè ulah dihina.

Goong saba karia
Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawè sangkan seubeuh baranghakan.

Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Euweuh anggeusna, euweuh bèakna.

Gurat batu
Pageuh kana jangji.

Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna
Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

H

Hadè gogog hadè tagog
Hadè basa jeung hadè tingkah lakuna.

Hadè ku omong gorèng ku omong 
Omongan nu hadè balukarna hadè jeung omongan nu gorèng, gorèng deui balukarna.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadèan anu sakitu gedèna tur lilana leungit pisan ku kagorèngan atawa kasalahan sapoè.

Hambur bacot murah congcot
Gorèng sungutna jeung sok mindeng nyarèkan deuih tapi bèrèhan sok daèk barangbèrè dahareun.

Hampang birit
Gampang jeung daèkan dititah.

Hanteu gedag bulu salambar
Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.

Hapa hapa gè ranggeuyan
Enya ari miskin tèa mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.

Hapa hapa ge ranggeuyan
Miskin miskin ogè da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.

Harewos bojong
Harèwos anu cukup tarikna, nepi kadèngè ku jelema anu deukeut kalawan tetèla pisan.

Haripeut ku teuteureuyeun
Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu tèh rejeki halal atawa haram.

Harus omong batan goong
Bèja tèh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umumna sok pabèja bèja.

Hayang untung jadi buntung
Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotèh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.

Hejo tihang
Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawèan.

Hèrang caina beunang laukna
Maksud bisa kahontal kalawan bèrès teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.

Hèrang caina beunang laukna
Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.

Hèrang hèrang kari mata, teuas teuas kari bincurang
Barèto mah beunghar ayeuna kari miskina.

Heueuh heueuh bueuk
Nyatujuan ari diluar mah, ngan baè henteu terus jeung hatèna.

Heureut deuleu pondok lèngkah 
Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rèa babandingan da kurung batok.

Heurin ku letah
Hayang jeung perlu ngabèjakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karèmpan.

Hirup ku panyukup gedè ku pamèrè 
Hirup samahi mahi ku pamèrè batur baè, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.

Hirup nuhun paèh dirampes
Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.

Hirup ulah manggih tungtung, paèh ulah manggih beja
Kudu bageur kudu hadè laku lampah supaya alus kacaritakeunana.

Hulu dugul dihihidan
Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.

Hunyur nandèan gunung
Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.

Hurung nangtung siang leumpang 
Ginding karana makè papakèan atawa perhiasan anu aralus.
  
I

Ieu aing uyah kidul
Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satètès, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun
Masrahkeun sagalagalana hadèna gorèngna, bagja cilakana (biasana sok dipakè dina seserahan).

Indung lembu bapa bantèng
Ti indung jeung bapa turunan mènak jeung beunghar.

Inggis batan maut hinis
Pohara risina, pohara paurna.

Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang
Inggis jeung paur kabina bina.

Ipis kulit beungeut
Gedè kaèra.

Iwak nangtang sujen
Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
  
J

Jabung tumalapung sabda tumapalang
Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nèmpasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.

Jadi maung malang
Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awèwè.

Jadi sabiwir hiji
Jadi carita jalma loba.

Jadi senèn kalemekan
Mindeng dicaritakeun batur.

Jaman cacing dua saduit
Jaman baheula pisan.

Jati kasilih ku junti
Pribumi kaèlèhkeun ku urang asing.

Jauh jauh panjang gagang
Hanas jauh jauh ogè dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

Jauh ka bedug anggang ka dayeuh 
Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.

Jauh ka bedug
Dusun, bodo, euweuh kanyaho.

Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana
Unggal bangsa bèda adat jeung kabiasaanana.

Jegjeg cèkèr
capè kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.

Jejer pasar
lumrah baè, mun ka lalaki, kasep henteu, gorèng henteu.

Jeung leweh mah mending waleh leuwih hadè wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

Jogjog neureuy buah loa
mikarep ka anu lain babad.

Jogjog neureuy buah loa
Milampah anu moal pihasileun.

K

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.

Kaceluk ka awun-awun kawèntar ka janapria, kakoncara ka mancanagara 
Kawèntar pisan, kawèntar kamana mana.

Kaciwit kulit kabawa daging 
Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kahieuman bangkong
Ku ayana barang titipan di urang, urang tèh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.

Kai teu kalis ku angin
Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait
Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadè dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
Kajeun teuing capè gawè asal bisa dahar kalawan cukup.

Kalapa bijil ti cungap
Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.

Kandel kulit beungeut
euweuh caerè.

Katempuhan buntut maung
Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.

Katumbukan catur kadatangan carita
Loba anu embung sabab ngagedèkeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.

Kawas anjing kadempet lincar
Mèrè parèntah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.

Kawas budak rodek hulu
Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.

Kawas cucurut kaibunan
Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.

Kawas hayam keur endogan 
Cilingcingcat baè, teu bisa cicing.

Kawas hayam panyambungan
Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar kènèh aya di eta tempat.

Kawas kacang ninggang kajang 
Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarèkan.

Kawas kuda leupas ti gedogan
Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.

Kawas lauk asup kana bubu
Gampang asupna kana pagawèan tapi pohara hèsèna hayang kaluar ninggalkeun eta pagawèan.

Kawas lauk asup kana bubu
gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawèan, tapi hèsè kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawèan (masalah).

Kawas nu mulangkeun panyiraman 
Sok nu lain lain, jeung hèsè ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tèrèh ajal, kahayangna sabisa bisa kudu dicumponan baè, sanajan matak ngarèpotkeun ka ahlina/ kulawargana.

Kawas siraru jadi
Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

Kawas wayang pangsisina
Ngeunaan jelema nu gorèng rupana.

Kejo asak angeun datang
Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita kènèh dilaksanakeun.

Keur meujeuhna bilatung dulang
Laleutik kènèh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita 
Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Keur nuju bentang surem
keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi baè.

Kiceupna sabedug sakali
Pohara lungguhna.

Kiruh ti girang kiruh ka hilir
Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna ogè milu teu bener milu teu bageur.

Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran
Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedè, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam
Kacida miskina.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan
Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka gorèng katenjona.

Kudu bisa kabulu kabale
Kudu bisa mawa awak.

Kudu bisa ngeureut neundeun
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu bisa pindah cai pindah tampian 
Kudu bisa nyaluyukeun manèh jeung lingkungan anu anyar dicicingan.

Kudu boga pikir kadua leutik
Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Kudu hadè gogod hadè tagog
Hadè basa jeung hadè tingkah lacuna.

Kudu nepi mèmèh indit
Kudu direncanakan kalawan asak.

Kujang dua pangadekna
Hiji pagawèan anu ngandung dua rupa maksud.

Kulak canggeum bagja awak
Milik hadè atawa gorèng anu geus ditangtukeun ti ajalina kènèh ku Gusti Nu Maha Suci.

Kumaha bulè hideungna baè
Kumaha engke baè buktina, kumaha behna.

Kumaha kejebur caina geletuk batuna 
Kumaha jadina baè, henteu jadi pikiran.

Kunang kunang nerus bumi
Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.

Kuru cileuh kentel peujit
Daèk tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.

Kurung batok
Teu resep nyanyabaan, niat cicing diimah baè.
  
L

Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda
Arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogè bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedè baè.

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra
Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.

Landung kandungan laèr aisan
Gedè timbanganana, gedè pangampurana.

Langsung saur bahè carèk
Sok gampang ngagelendeng atawa nyarèkan.

Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan
pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka gorèng katenjona.

Legok tapak gentèng kadèk
Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.

Leubeut buah hejo daun
Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

Leuleus jeujeur liat tali
Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.

Leunggeuh cau beuleum
Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawèan.

Leutik burih
Euweuh kawani.

Leutik cahak, gedè cohok
Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gedè.

Leutik leutik ngagalatik
Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gedè, tapi leber ku wawanèn.

Leutik ringkang gedè bugang
Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerèa.

Leuwi jero beunang diteuleuman, hatè jelema najan dèèt teu kakobèt
Hadè gorèngna pikiran jelema hèsè dikira kirana.

Lieuk euweuh ragap taya
Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.

Loba teuing jaksa 
Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.

Lodong kosong ngelentrung
Kalah ka loba omong baè, ari pangartina mah euweuh.

Luhur kuta gedè dunya
Gagah tur beunghar taya kakurang.

Luncat mulang
Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.

Lungguh tutut
Katènjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
  
M

Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung
Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.

Maliding sanak
Henteu adil, pilih kasih.

Mangpengkeun kuya ka leuwi
Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.

Mapay ka puhu leungeun
Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.

Marebutkeun paisan kosong 
Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.

Maut nyere ka congona
Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.

Melengkung bekas inhalan
Ari keur ngora kènèh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.

Mere langgir kalieun
Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.

Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra
Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedè.

Meungpeun carang ku ayakan
Nyaho yen batur tèh salah atawa migawè anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.

Meungpeung teugeu harianeun
Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.

Miceun batok meunang coèt
Miceun nu gorèng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu gorèng deui baè.

Mindingan beungeut ku saweuy
Ari hatè gorèng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hatè nu gorèng tèa maksudna supaya ulah kaciri tèa.

Mipit teu amit ngala teu mènta
Maling boga batur.

Miyuni hayam kabiri
Leutik burih babari sumerah èlèh atawa lalaki nu babari sumerah ka awèwè.

Moal ceurik mènta eusi
Keun baè mawa wadah anu gedè ogè da lain hayang loba dibèrèna.

Moal nèangan jurig teu kadeuleu
Arek nyekel jelema nu aya baè, moal nèangan jelema nu euweuh.

Mobok manggih gorowong
Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.

Mobok manggih gorowong
meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.

Monyet kapalingan jagong
Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.

Mopo mèmèh nanggung
Horèam, teu sanggup samèmèh prak.

Mun teu ngakal moal ngakeul
Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  
N

Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara
Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus dibèrèsihan sikina, biasana dipakè keur mayit nutupan liang-liangan).

Ngadu angklung di pasar
Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba.

Ngadu ngadu rajawisuna
Mawakeun omongan si A ka si B jeung sabalikna, temahna si A jeung si B pasèa, parerèa omong.

Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih
Lamun teu digawè niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.

Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.

Mupugkeun tai kanjut
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

Naheun bubu pahareup hareup
Dina pangabutuh silih injeuman duit.

Nangkeup mawa eunyeuh
Mawa cilaka ka jelema anu dipèntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.

Nangtung kariung ngadeg karageman 
Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.

Nepak cai malar ceret 
Ngomongkeun jeung ngagogorèng batur, supaya batur tèh ragrag ngarana jeung kawèntar kagorènganana.

Nepakeun jurig pateuh
Puguh urang nu gorèng tapi kagorèngan urang tèh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.

Nete porot ngeumbing lèsot
Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarèkah tapi teu hasil baè.

Nete semplek nincak semplak
Kieu salah kitu salah.

Nete semplek nincak semplak
Ninggang dina salah jeung rugi baè, turug turug kasusah nambahan deuih.

Nete tarajè, nincak hambalan
Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun tèh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.

Neukteuk curuk dina pingping 
Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun
Heuras hatèna teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.

Neundeun piheuleut nunda picela 
Nèangan pilantaraneun supaya jadi gorèng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.

Ngabèjaan bulu tuur
Ngabèjaan jalma nu geus nyahoeun.

Ngabudi ucing
Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.

Ngadagoan kuah beukah
Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur baè, anu saenyana mah ayana tukang babantu tèh henteu perlu).

Ngadagoan uncal mabal
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun èta rejeki.

Ngadaweung ngabangbang areuy
Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.

Ngadek sacekna, nilas saplasna 
Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.

Ngadeupaan lincar
Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katènjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.

Ngagandong kejo susah nyatu
Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hèsè nitah, euweuh nu daèkeun ari dititah tèh.

Ngagedag bari mulungan
Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yèn urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho baè.

Ngaliarkeun taleus ateul
Ngabeja bejakeun kagorèngan atawa kajahatan batur.

Ngaliarkeun taleus ateul
Ngabeja bejakeun kagorèngan batur atawa kajahatan anu lian.

Ngarep ngarep bentang ragrag
Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.

Ngarep ngarep kalangkang heulang 
Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.

Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam 
Ngaraèh jeung darèhdèh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.

Ngeplek jawèr, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri
Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.

Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahè kedah micarèk
Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.

Ngeupeul ngahuapan maneh
Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.

Nginjing sila, bengkok sembah
Gorèng hatè, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan.

Ngodok liang buntu hèsè capè taya gawè, susah payah taya guna
Sanajan tihothat ogè moal atawa henteu beubeunangan.

Ngodok liang jero
Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput baè.

Ngukur ka kujur nimbang ka awak 
Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pakè jstè disaluyukeun jeung pangala.

Ngukut kuda kuru ari geus gedè sok nyepak
Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pakè hadè, ngalawan ka anu jadi dunungan.

Ngusap birit
Bari indit kulantaran ambek nyedek atawa èra paraa, leos baè indit, teu amit heula ka anu araya didinya.

Nimu luang tinu burang
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.

Nincak parahu dua
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.

Ninggang kana kekecrekna
Keur mah gorèng rupana, gorèng laku lampahna deuih.

Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan
Ngamahalkeun barang naon baè anu geus ruksak.

Noong ka kolong
Leutik hatè, leutik pangharepan.

Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
Nu hadè jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu gorèng.

Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan
Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.

Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan
Nu keur susah ditambah deui kasusahna.

Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan
Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hatè sorangan èta omongan atawa carita tèh salah.

Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang 
Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.

Nuju hirup ninggang wirahma
Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.

Nuturkeun indung suku
Leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.

Nulungan anjing kadempet
Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.

Nya di hurang nya dikeuyeup
Di unggal jelema ogè taya bedana, sarua baè, mungguhing wiwirang atawa katugenah hatè mah boh di menak boh disomah sarua baè.

Nya ngagogog nya mantog
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.

Nya picung nya hulu maung
Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.

Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah
Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.

Nyair hurang meunang kancra
Sugan tèh rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahorèng meunang kauntungan atawa bagja anu gedè.

Nyaliksik ka buuk leutik
Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.

Nyalindung ka gelung
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.

Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang
Sumerah, masrahkeun diri rèk dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya baè, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.

Nyanghulu ka jarian
Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.

Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.

Nyeri beuheung sosonggeteun
Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol baè datang.

Nyeungeut damar di suhunan
Mintonkeun kakayaan, atawa barangbèrè supaya dipuji.

Nyeungseurikeun upih ragrag
Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu tèh kahareup mah ku urang sarerèa bakal kasorang.

Nyiar batuk piaraheun
Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.

Nyicikeun cai, murulukeun lebu
Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.

Nyieun catur taya dapur 
Nganggit hiji dongèng nu teu aya galurna.

Nyieun heuleur jeroeun huma
Henteu raket jeung dulur paharè-harè baè.

Nyieun pucuk ti girang
Pangheulana nèangan pipasèaeun.

Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait
Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.

Nyiuk cai ku ayakan
Pagawèan nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.

Nyium bari ngegel
Omongannana hadè ngan hatè jeung maksudna gorèng . Salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.

Nyokot lesot ngeumbing porot
Teu aya usaha anu ngahasilkeun.

Nyolok mata buncelik
Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

Nyuhun nanggung ngèlèk ngègèl
Rebo pisan, babawaanana loba naker.

Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
Mènta pangampura jeung mènta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.

Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan
Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
  
O

Omong harus batan goong
Beja tèh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab tèh leuwih hèbat batan aslina.

Owah gingsir
Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
  
P

Paanteur-anteur julang
Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.

Pacikrak ngalawan merak
Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gedè.

Pada rubak sisi samping
Sarua baè pada loba luangna, pada loba pangalamanana.

Pagirang girang tampian
Paunggul unggul dina nèangan pangupa jira (Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daèk silih seblokan).

Paheuyeuk heuyeuk leungeun
Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.

Pait daging pahang tulang
Arang gering.

Pait daging pahang tulang
Cageur teu keuna ku panyakit naon baè.

Pakotrek iteuk
Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.

Paluhur luhur diuk
pagedè gedè kauntungan dina nyiar kipayah.

Panday tara bogaeun bedog
Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.

Papadon los ka kolong
Cidra jangji, teu nedunan jangjina.

Peureum kadeuleu beunta karasa
Inget baè, teu bisa poho. Biasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.

Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.

Pindah cai pindah tampian
Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.

Pinter aling laing bodo
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab èta nyeta nyeta anu bodo.

Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak
Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hadè, ngan ahirna meunang nu leuwih gorèng.

Piruruhan katengahimahkeun
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.

Poèk mongklèng buta rajin (atawa buta radin)
Poèk pisan.

Pondok jodo panjang baraya
Saha è jodoh urang silaturahmi kudu tetep dijaga.

Pupulur mèmèh mantun Mènta ganjaran mèmèh aya jasa atawa mènta buruhan mèmèh prak digawè.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
Dina cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.

Puraga tamba kadengda
Migawè hiji pagawèan henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hadè hasilna ieu mah pada ulah dipaido baè.
  
R

Raweuy beuweungeun rambay alaeun 
Loba dahareun da loba pepelakan.

Rumbak caringin di buruan
Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepèlingan ka urang.

Rumbak kuntieun
Henteu lengkep, aya baè anu kurang nu matak cua kana hatè.

Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum
Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.

Rusuh luput gancang pincang
Migawè naon baè anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  
S

Sabobot sapihanèan
Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.

Sabuni buni anu ngising
sanajan dibunian atawa disumputkeun ogè ari laku lampah anu gorèng mah awal akhir sok kudu kanyahoan baè.

Sagalak galakna macan taru nyatu anakna 
Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tèga ka anu jadi anak.

Sagolek pangkek sacangreud pageuh 
Hanteu cidra kana jangji.

Sahèrang hèrangna cai beas
Galibna hatè tèh hèsè pisan bèrèsihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.

Sahèrang hèrangna cibeas, moal hèrang cara cisumur
Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hadè deui cara bareto samèmèh aya pacengkadan.

Sakecap kadua gobang
Gampang ngambek jeung gampang ngadèk deuih.

Sakiriciking duit sakocopoking bogo 
Naon baè anu matak narik kana hatè urang.

Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu
Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.

Samar polah samar rasa
Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hatè baè, tacan bruk-brak

Sangsara di geusan betah
Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawè nyiar kipayah. Anehna tèh ari hirup mah hayang kènèh.

Sapu nyèrè pegat simpay
Paturay papisahan.

Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan
Sauyunan, layeut, tara aya pacèngkadan.

Satengah buah leunca
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

Satungtung deuleu
Ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan

Saumur nyunyuhun hulu
Saumur hirup rumingkang di bumi alam.

Saungkab peundeuy
Omongan anu pondok tur kurang manis.

Sengserang padung
Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga kènèh napsuna cara baheula keur ngora kènèh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tèrèh paèh.

Sentak badakeun
Teu ceehan dina gawè, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna tèh diantep teu dipigawè pisan.

Sereg di panto logor di liang jarum 
Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaèra, betahna dinu suni nu teu aya jelema.

Sereg dibuana logor diliang jarum 
Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna tèh di nu suni, nu euweuh jelema.

Seukeut ambeu seukeut deuleu
Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawèan pulisi).

Seukeut tambang manan gobang 
Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana ogè jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

Seuneu hurung cai caah
Keur ambek, keur amarah, keur napsu.

Seuneu hurung dipancaran
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu baè ngambekna jadi tambah.

Seungit angin-anginan
Seungit pisan meleber ka mana-mana

Seuseut batan neureuy keueus
Hèsè pisan.

Sibanyo laleur 
Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

Silih jenggut jeung nu gundul
Mènta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga.

Sirung ngaliwatan tunggul
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.

Sosoroh ngadon kojor
Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  
T

Tamiang meulit ka bitis
Malindes ka diri sorangan.

Tamplok batokeun 
Bèrèhan teuing nepi ka urang mah susah.

Tarajè nangeuh dulang pinandè
Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener.

Taya tangan pangawasa
Jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.

Taya halodo panyadapan
Taya eureuna digelendeng atawa di dicarèkan (Terus baè digelendeng atawa dicarèkan).

Teng anak teng, anak merak kukuncungan
Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadèna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.

Teu aya sarebuk samerang nyamu
Teu aya saeutik eutik acan.

Teu beunang dikoèt kunu kèkèd
Teuing ku korèt, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.

Teu boga pikir rangkepan
Teu boga curiga saeutik eutik acan.

Teu busik bulu salambar
Teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.

Teu cari ka Batawi tapi ka salaki 
Hakan pakè hayang ti salaki.

Teu diambeuan 
Teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajènan.

Teu didingding kelir
Teu dibuni buni, ditembrakeun baè, teu dirasiahkeun.

Teu dipiceun sasieur
Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.

Teu ditari teu ditakon
Teu dipalirè diantep baè, teu ditanya tanya acan.

Teu gugur teu angina
Samèmèh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa cicirèn.

Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah
Nya gorèng rupana nya gorèng kalakuanana sok daèk pulang paling.

Teu mais teu meuleum
Teu aya patalina pisan, teu pipilueun.

Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan
Ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram ogè disaruakeun baè.

Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata 
Ngadèngè jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.

Teu nyaho di alip bingkeng
Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.

Teu puguh alang ujurna
Teu puguh entep seureuhna, teu bèrès lain kitu kuduna.

Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang
Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.

Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan
Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulèn.

Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal
Mènta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.

Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban
Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.

Tiis ceuli hèrang mata
ngeunah hatè kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.

Tikoro andon pèso
ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.

Tinggar kalongeun
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.

Tipu keling ragaji Inggris
Pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.

Titip diri sangsang badan
Mihapekeun maneh.

Titirah ngadon kanceuh
sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gedè.

Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh
nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu baè matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.

Tugur tundang cuntang gantang 
Ngajalankeun pagawèan pikeun Nagara, babakti ka nagara.

Tunggul dirarud catang dirumpak
Euweuh anu dipikasèrab, terus baè ngalajur napsu.

Tunggul sirungan, catang supaan
Aya kajadian anu gorèng atawa matak teu genah ahirna.

Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan 
Junun nyanghareupan pagawèan anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  
U

Ulah beunghar mèmèh boga
Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.

Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
Ulah sok bosenan ari ka pamajikan tèh, hadèna mah ti keur ngora kènèh nepi ka geus kolot tèh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.

Ulah cara ka malati kudu cara ka picung 
Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.

Ulah kabawa ku sakaba-kaba 
Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.

Ulah kèok mèmèh dipacok
Ulah sieun saacan ngalakonan.

Ulah leutik hatè
Ulah sieun atawa putus pangharepan.

Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
Kudu nuturkeun ètika anu aya.

Ulah muragkeun duwegan ti luhur
Masing nyaah kana rejeki meunang hèsè capè ladang kesang, pacuan arèk dimonyah monyah.

Ulah ngaliarkeun taleus ateul
Ulah nyeubarkeun fitnah.

Ulah ngukur baju sasereg awak
Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan

Ulah pagiri-giri calik, pagirang- girang tampian
Ulah rebutan kakawasaan

Ulah pangkat mèmèh jeneng
Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.

Ulah tiis tiis jahè
Kudu iatna, kudu cingceung.

Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan
Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabèngbat ku rupa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hadè.

Uncal tara ridu ku tanduk
Duduluran karumpul kabèh.

Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.

Uyah tara tees kaluhur
Galibna sipat indung bapa anu haradè atawa anu gorèng sok diturunkeun ka anak incuna.
  
W

Waspada permana tingal
Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.

Wiwirang di kolong catang nya gedè nya panjang
Wiwirang nau pohara gedèna.

Download

Masukkan E-Mail Anda: